Posts

Showing posts from October, 2017

Sajak Sunda

TI STASION TUGU KA STASION KATRESNA Buah Karya Kang Soleh Sora bel stasion tugu   ngajerit maratan langit Sora bewara tina pangeras atra ngajomantara Tanggara kareta seja mangkat Hate ratug keteg ambreg Lain sieun lain seber Tapi ratug pedah bungah Rek panggih jeung kembang harepan Rek tepung jeung kembang impian Pupujan ati nu geus lila teu tepung Kareta ieu nu rek nepungkeun kuring jeung anjeunna Di stasion kateresna Di ruang tunggu stasion katresna Solendang tawis soca dibungkus dihade-hade Sanajan inggis teu kaangge Sanajan hate pinuh ku karisi Sok sieun teu dipapag ku imut Sok sieun teu dipapag ku ati nu cangra Pupujan ati antos di stasion katresna Tempat urang ngahijikeun carita Tempat urang ngebrehkeun kaheman Anjog ka stasion kateresna, Rasa na dada jadi rohaka Teuteupan kuring mapay opat manahab Pikiran kuring museur ka hiji wanoja Ngangge jilbab hejo kameumeutna Atawa warna abu nu matak niiskeun kalbu Kacipta