Sajak Sunda
TI
STASION TUGU KA STASION KATRESNA
Buah Karya Kang Soleh
Sora bel stasion tugu ngajerit maratan langit
Sora bewara tina pangeras atra ngajomantara
Tanggara kareta seja mangkat
Hate ratug keteg ambreg
Lain sieun lain seber
Tapi ratug pedah bungah
Rek panggih jeung kembang harepan
Rek tepung jeung kembang impian
Pupujan ati nu geus lila teu tepung
Kareta ieu nu rek nepungkeun kuring jeung anjeunna
Di stasion kateresna
Di ruang tunggu stasion katresna
Solendang tawis soca dibungkus dihade-hade
Sanajan inggis teu kaangge
Sanajan hate pinuh ku karisi
Sok sieun teu dipapag ku imut
Sok sieun teu dipapag ku ati nu cangra
Pupujan ati antos di stasion katresna
Tempat urang ngahijikeun carita
Tempat urang ngebrehkeun kaheman
Anjog ka stasion kateresna,
Rasa na dada jadi rohaka
Teuteupan kuring mapay opat manahab
Pikiran kuring museur ka hiji wanoja
Ngangge jilbab hejo kameumeutna
Atawa warna abu nu matak niiskeun kalbu
Kacipta anjeunna imut ngagelenyu
Kacipta pameunteunna nu marahmay
Soca nu cureuleuk ngabageakeun
Tapi...Teu karasa... stasion jadi suwung
Nu nyesa tinggal kuring jeung pangdiukan
Angger anjeunna teu aya
Angger anjeunna teu aya....
Duka di mana anjeun ayana,
Duka kumaha ayeuna...ieu tawis soca kangge anjeun
Tawis kadeudeuh ti abdi
Duka ka mana kedah ngajajap
Tawis soca taya nu ngaropea,
Anjeun teu salah....
Anjeun teu ingkar jangji
Anjeun teu sulaya basa....
Enya ...pan ieu mah ngan ukur carita
Ngan ukur carita....
Carita kateresna di jagat maya
Jagat nu aya dina rasa....
Rasa nu pernah aya
Comments
Post a Comment